B. Daerah

Pertanyaan

jelaskeun naon anu dimaksud novel

1 Jawaban

  • Novel nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa modern jeung prosa buhun. Novel kaasupna kana prosa modern. Conto prosa modern lianna, salian ti novel, nyaeta saperti carita pondok atawa carpon. Sedengkeun conto prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.  

    Pembahasan

    Eusi carita nu aya dina novel biasana panjang. Umpama eusi carita carpon mah biasana ngan saukur lima nepi ka sapuluh kaca majalah, eusi carita novel mah bisa mangrupa buku. Eusi carita jeung jalan carita anu aya dina novel mah leuwih panjang umpama dibandingkeun jeung carpon.  

    Carita anu aya dina novel oge mangrupa bagean-bagean anu loba. Eusi carita anu aya dina novel bisa mangrupa carita nyata atawa rekaan/fiksi. Sanajan carita anu aya dina novel teh mangrupa carita fiksi, carita anu aya dina novel mal logis atawa asup kana akal, henteu siga carita anu aya dina dongeng nyaeta pamohalan atawa teu asup kana akal.

    Di handap ieu dijentrekeun ciri-ciri novel sacara leuwih lengkep nyaeta:

    1. Carita nu aya dina novel biasana ngabogaan eusi anu mangrupa carita khayal atawa dumasar kana carita nyata.
    2. Pangarang atawa anu nulis novel biasana jelas.
    3. Novel kaasupna kana carita prosa modern.
    4. Carita nu aya dina novel biasana mangrupa carita anu rakyat sentris, realistis, bahan caritana dicokot tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, sarta biasana dipangaruhan ku sastra barat.
    5. Eusi carita nu aya dina novel, biasana miboga tema anu bebas, sarta miboga sifat dinamis.
    6. Palaku anu aya dina novel biasana ngan jelema wungkul, beda jeung dongeng anu palakuna bisa mangrupa jalam, sato atawa tutuwuhan.
    7. Carita khayal anu aya dina novel logis sarta realistis, henteu siga carita nu aya dina dongeng anu pamohalan atawa henteu asup kana akal.

    Pelajari lebih lanjut

    • Naon nu dimaksud novel https://brainly.co.id/tugas/8770348
    • Cara nganalisis novel https://brainly.co.id/tugas/9548939
    • Naon bedana novel jeung carpon https://brainly.co.id/tugas/6136771

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IX

    Mapel : Bahasa Sunda - Maca Novel

    Bab : 5

    Kode : 9.13.5

    Kata Kunci : Novel nyaeta

Pertanyaan Lainnya