B. Daerah

Pertanyaan

Guguritan dalam basa sunda nyaeta?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
    Kelas : VIII (2 SMP)
    Pembahasan :

    Guguritan nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu kauger atawa kaiket ku aturan pupuh. Conto puisi Sunda lianna anu kaiket ku aturan pupuh nyaeta wawacan. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina mangrupa carita.

    Guguritan kaasup kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Sedengkeun wawacan kaasup kana wangun puisi anu eusina mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sajak, mantra, sisindiran, pupujian jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda lianna anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun.

Pertanyaan Lainnya