mumul sarua hartina jeung
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Mumul sarua hartina jeung embung atawa males. Kecap saharti atawa sinonim tina kecap mumul nyaeta embung. Mumul jeung embung teh kaasup kana ragam basa loma. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu baheula mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.
Pembahasan
Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Kecap lemes keur ka sorangan tina kecap mumul atawa embung nyaeta alim. Kecap lemes keur ka batur tina kecap mumul atawa embung nyaeta teu kersa. Di handap ieu nyaeta conto kalimah nu make kecap mumul atawa embung, alim jeung teu kersa nyaeta saperti:
- Udin mah mumul/embung lamun dititah meuli beas ka pasar teh (ragam basa loma)
- Abdi mah alim upami dipiwarang meser beas ka pasar teh (ragam basa hormat / lemes pikeun ka sorangan)
- Punn lanceuk teu kersa upami dipiwarang ngagaleuh beas ka pasar teh (ragam basa hormat / lemes pikeun ka batur)
Ayana ragam basa dina basa Sunda lain pikeun ngabeda beda jalma tapi pikeun ngahormat ka kolot atawa nu saluhureun sarta pikeun ngajenan ka anu sahandapeun atawa anu sapantar. Kukituna, istilah Undak usuk Basa Sunda diganti ku istilah Tatakrama Basa Sunda anu miboga kesan leuwih egaliter tibatan istilah Undak usuk Basa Sunda.
Pelajari lebih lanjut
- Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
- Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
- Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8