Naon salah sahiji daya tarik saung angklung mang udjo
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Salah sahiji daya tarik saung angklung Mang Udjo nyaeta anu lalajo pagelaran angklung bisa miluan maen angklung. Kiwari mah angklung geus bisa dimaenkeun ngagunakeun nada diatonis, nyaeta 7 nada (do re mi fa sol la si). Ku ayana angklung diatonis, angklung bisa maenkeun lagu lagu sakuliah dunya nu lolobana ngagunakeun nada diatonis.
Pembahasan
Ku ayana nu lalajo pagelaran angklung bisa miluan maen angklung ngajadikeun angklung dipikaresep ku jalma di sakuliah dunya. Geus loba pagelaran angklung di mancanagara ngalibatkeun nu lalajo bisa maen angklung. Malah kungsi di Washington DC mah aya hiji pagelaran angklung anu ngalibatkeun jalma rea nepi ka dicatat dina rekor dunia.
Ari mimitina mah anu lalajo angklung teh henteu kataji kana angklung anu dibagikeun ka maranehanana, sabab eta angklung teh ngan miboga hiji nada. Tapi, sanggeus anu mingpin pagelaram ngajarkeun cara maen angklung, loba jalma anu kataji sarta kagum, sabab sanajan ngan ku hiji nada lamun dimenkeun ku balarea mah bisa ngahasilkeun hiji lagu.
Pelajari lebih lanjut
- Budaya masarakat Jawa Barat https://brainly.co.id/tugas/12561177
- Ngariksa Tanah Sunda https://brainly.co.id/tugas/12469466
- Naon sababna budaya Sunda kudu dipiara https://brainly.co.id/tugas/13930514
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Bahasan Budaya Sunda
Bab : 6
Kode : 8.13.6
Kata Kunci : Daya tarik saung angklung Mang Udjo