B. Daerah

Pertanyaan

Jien Kalimah tina Kecap-Kecap !
1.Kacamatan
2.Kalaparan
3.Kabeurangam
4.Kacumponan
5.Kaperluan
6.Kaolahan
7.Kasarean
8.Kanyataan
9.Kakuatan
10.Kacindekan

Pancen '10' Bab 4 Hal.63

1 Jawaban

  • Dina nyieun conto kalimah basa Sunda, tangtu aya patalina jeung ragam basa Sunda nu aya. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu bisa dilarapkan dina dua ragam basa, aya oge anu ngan bisa dilarapkeun dina hiji ragam basa wungkul.

    Contona, kecap kacamatan, kalaparan, kacumponan jeung kakuatan bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat / lemes boh dina ragam basa loma. Sedengkeun kecap kabeurangan biasana dilarapkeun dina ragam basa loma. Aturan atawa katangtuan anu ngatur ragam basa dina basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda, atawa baheula mah disebut Undak usuk Basa Sunda.

    Pembahasan

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah basa Sunda tina kecap-kecap anu disebutkeun di handap:

    1. Kacamatan, Ceunah ayeuna mah nyieun KTP teh henteu kudu ka kantor Kacamatan
    2. Kalaparan, Umpama sakabeh warga masarakat daek babagi tangtu moal nepi ka aya warga anu kalaparan
    3. Kabeurangan, Tadi isuk-isuk Udin hudangna kabeurangan, jadi manehna henteu kaburu mandi heula
    4. Kacumponan, Mang Sani teh ngarasa geus kacumponan sagala cita-citana sanggeus anakna lulus sakola
    5. Kaperluan, Lamun euweuh kaperluan anu penting mah hidep teh ulah waka indit heula ka Jakarta
    6. Kaolahan, Di daerah Sunda teh loba pisan kaolahan anu bisa dijadikeun oleh-oleh
    7. Kasarean, Kuring peuting kasarean, jadi henteu kungsi nongton maen bal teh
    8. Kanyataan, Hidep teh kudu bisa narima kanyataan, sing sabar, pan anu sabar mah kakasih Allah
    9. Kakuatan, Ku ayana gotong royong mah urang bisa ngumpulkeun kakuatan pikeun ngawangun desa
    10. Kacindekan, Sanggeus sawala rengse, panumbu catur teh ngajelaskeun kacindekan tina eta sawala

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Tingkatan bahasa dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/6748792
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman

    Bab : 1

    Kode : 7.13.1

    Kata Kunci : Basa Sunda, undak usuk basa Sunda

Pertanyaan Lainnya