B. Daerah

Pertanyaan

wangun dongeng adalah

1 Jawaban

  • Wangun dongeng nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa karya sastra dina wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasup kana prosa buhun. Conto prosa buhun lianna, salian ti dongeng, nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Pembahasan

    Ciri utama tina dongeng nyaeta eusi caritana anu sok pamohalan atawa henteu asup kana akal. Tapi, kusabab eusi caritana pamohalan, dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak. Kusabab dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak, carita dongeng sok dieusi ku ajen atikan anu bisa dijadikeun pikeun picontoeun atawa pieunteungeun barudak.

    Di handap ieu nyaeta ciri-ciri umum dina dongeng sacara lengkep:

    1. Wangun dongeng mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa, nyaeta prosa buhun.
    2. Dongeng miboga eusi carita anu mangrupa carita rekaan atawa carita khayal.
    3. Carita khayal nu aya dina dongeng biasana pamohalan atawa teu asup kana akal.
    4. Kusabab carita nu aya dina dongeng biasana pamohalan, dongeng sok dipikaresep pisan ku barudak.
    5. Carita dongeng sok dieusi ku ajen atikan anu bisa dijadikeun pikeun picontoeun atawa pieunteungeun barudak.  
    6. Palaku nu aya dina dongeng biasana bisa naon wae, nyaeta saperti jelema, barang, tutuwuhan atawa oge sato.
    7. Anu nulis dongeng biasana teu dipikawanoh atawa anonim.
    8. Dongeng sumebarna biasana sacara lisan.

    Pelajari lebih lanjut

    • Unsur anonim dina dongeng brainly.co.id/tugas/13882470
    • Pengertian dongeng dalam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/9760216
    • Ciri-ciri umum dina dongeng brainly.co.id/tugas/12573419

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : IV

    Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan

    Bab : 8

    Kode : 4.13.1

    Kata Kunci : Wangun dongeng

Pertanyaan Lainnya